Lirik syairan pepende ka anjeun kang santri

 PEPENDE KU ANJEUN

Cek imam usmu”i

“ Yuda rihawahu tsuma yatummu”

  Sirrihu wayasbiru”

 “Wafi kulli umuri wa yakhsya u”

  Dituliskeun eta ucapan na batu ku 

Pepende ku anjeung eta hawa nafsu

Tong eleh anjeungku masalah sakitu 

Da msalah jodoh mah moal katipu

Pasti pendak najan cinta teu di aku


Shobaran eta kanyeri dina dada

Matakna ulah sok loba nyarita

Baheum kapaitna cinta ku nyalira

Mun jodoh mah pasti na moal kamana


Lobakeun ku anjeun ibadah ngadu’a

Sanggakeun sadaya ka allah taala

Tong sieun bakal jadi atawa teu na

Da eta mah tos aya nu ngaturna


Dijawab eta ku pamuda

“ fa kaifa yuda riwalhawa qotilul fata

Kulli yaumin ruhuhu ya taqottho u “

Ditulis ku eta pamuda na batu


Rek kumaha bisa nahan  hawa nafsu

Lamun dina unggal poe tiap waktu

Hate teu pegat emut wae kaditu

Ka istri pujaan hati nu katuju


Naha bisa ngubaran ieu kanyeri

Lamun dina unggal waktu tiap hari

Ieu kanyeri teu pindah ingkah beuki

Ruh jasad asa pisah jeung diri abdi


“Idzalam yuthik shobtoha fatama

Lisirrihi falaisa lahu mimma”

Ti imam usmui ka eta pamuda

Bila anjeun teu bisa mependana

Kana nafsu anjeun teu bisa shobarna

Teu bisa nahanna kana cacarita

Nyimpen hiji rahasia rasa cinta


Maka hente aya jalan kaluarna

Jabi anu langkung saena

Teu ari ibadah teu ari usaha

Mendingan maot dari pada nalangsa


Ngalongok dina poean katilu na

Anjeun kaget ninngal etapamuda

Nyarandena nabatu nungkul sirah na

Dipariksa teh ning atos yeu bernyawa


“Samina wa atho na tsumma mitna

Fabaligu salami illa man kana”

Lil washli yamna’u pesan terakhirna

Tertulis na batu ti eta pamuda


Katampi jeung nurut abdi ka mama

Dari pada ibadah usaha tara

Ngaji tara hirup ge jadi nalangsa

Kusabab dibutakeun ku rasa cinta


Maka maot jadi jalan kaluarna

Tapi sim abdi gaduh hiji pamenta

Dugi keun salam sim abdi anjeunna

Ka istri nu ku abdi di puja puja


Sareng na intinamah salam cinta

Tihiji pamuda anu telaksana

Cinta bertepuk sebelah tangan tea

Akhir na sampai mati jawabna


Bila cinta merasuk kedalam jiwa

Enteup di hate anak adam jeung hawa

Enteu aya ubar nu langkung saena

Jabi titepang jeung jalmi ni di cinta 2x



Komentar